27/09/2024
Kahatur.
di Tempat
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Puja puji syukur kagungan gusti nu maha suci, Alloh SWT. Sholawat sinareng salam mugia salamina di kocor golontorkeun ka Panutan Agung paduka alam jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Salam panjajap do’a, mugia bapa ibu dina kaayaan sehat wal’afiat.
Salajeungna, patali sareng sumpingna sasih Maulid 1446 H/2024 M, Jamaah ibu-ibu majlis Ta’lim Al-Qodar seja miemut kana di babarkeunana Jungjunan agung kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu waktosna :
Dinten/Kaping : Jumat, 27 September 2024/ 23 Robiul Awal 1446 H
Waktos : Ba’da Jumaah
Tempat : Majlis Taklim Al-Qodar
Mubalig : KH. Asep Asrofil Alam (Pim. Ponpes Pagelaran III Subang)
Harepan anu kacida ageungna Bapa Ibu Leah manah nyumpingan dina waktosna..
والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Karihkil, 26 September 2024
Ust. Maulan Mulyana
Pengasuh Majlis Taklim Al Qodar