09/02/2026
MAHLUK IBARAT KALANGKANG
Hirup di dunya téh lir ibarat urang jeung kalangkang. Lamun éta kalangkang tuluy diudag, moal pisan beunang. Ukur capé jeung lelah nu karasa. Beuki tarik urang lumpat, beuki jauh kalangkang ninggalkeun.
Tapi, coba mun urang malik. Teu miroséa deui éta kalangkang, tuluy leumpang ngadeukeutan sumber cahaya. Malah, kalangkang téh bakal satia nuturkeun ti tukang.
Kitu deui jeung dunya. Mun dunya nu jadi udagan utama, urang bakal terus ngarasa kurang jeung teu sugema. Sabalikna, mun urang malik ka Nu Miboga dunya, ka Allah SWT, bari terus ikhtiar dina jalan-Na, dunya sorangan nu bakal nuturkeun urang.
Sakumaha dawuhan dina hiji hadits: "Saha jalma anu dunya janten tujuan utamana, maka Allah bakal nunda kafaqiran (rasa kurang) di payuneun panonna, sarta Allah bakal manceuhkeun urusanana (matak lieur), sarta dunya moal datang ka manéhna iwal ti naon anu geus ditetepkeun pikeun manéhna. Sarta saha jalma anu ahérat janten niatna, maka Allah bakal ngajadikeun kabeungharan dina haténa, ngumpulkeun (ngarapiuhkeun) urusanana, sarta dunya bakal datang ka manéhna dina kaayaan tunduk."