17/07/2021
"MEUNCIT SIFAT SATO DI MANUSA"
RIYADLOH KEMIS 160914
(KH. Sholeh Nasihin)
Miftahul Huda Pusat
Hikmah Lebaran Nahr (meuncit) Iedul Adha, urang kudu miceun jeung meuncit sifat-sifat kasatoan, ulah boga sifat saperti sato, malah disaurkeun ku Alloh:
{ وَلَقَدْ ذَرَأْنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرًا مِنَ الْجِنِّ وَالإنْسِ لَهُمْ قُلُوبٌ لا يَفْقَهُونَ بِهَا وَلَهُمْ أَعْيُنٌ لا يُبْصِرُونَ بِهَا وَلَهُمْ آذَانٌ لا يَسْمَعُونَ بِهَا أُولَئِكَ كَالأنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ أُولَئِكَ هُمُ الْغَافِلُونَ }
“Pangeusi naraka teh ku kami geus cawiskeun lolobana ti bangsa Jin jeung Manusa nu boga hate tapi teu ngarti kana kakawasaan Alloh, boga panon tapi teu bisa nempo kaagungan Alloh, boga ceuli tapi teu bisa ngadenge dawuhan Alloh, maranehna jiga sato malah leuwih sasar, sabab maranehna kaasup nu paroho kana pangbalikan akherat”
(QS.Al-A’rof 179)
1. Ulah jiga Anjing. Patuh turut taat ka saha wae nu marab, rek jalma bageur atawa nu jahat, digebah atawa di bere papatah kalahka ngelel we. Baca (QS: Al-A’raf: 176).
2. Ulah jiga monyet sarakah sagala direwod teu nyaho halal haram teu nyaho kana aturan Alloh, geus salah teu ngaku salah malah reueus (bangga) ku ngalakukeun salah. baca (QS. Al-Baqarah: 65).
3. Babi/ Bagong nu kotor ge dihakan, teu paduli ka kulawarga, tatangga, komo ka sasama, ngantep batur salah, najan keluargana di rogahala. baca (QS. Al-Maaidah 60).
4. Ulah jiga Lancah, boga imah nu rarasaan bisa ngajaga ti musuh, padahal imah rapuh, tatagenan jeung menta panyalindungan ka lian Alloh, ku senjata, ku jimat, ku isim-isim, padahal matak musyrik, baca (QS. Al-Ankabut 41)
5. Ulah jiga Reungit, boga rizki ladang nyoco, nafakah ka anak pamajikan ladang ngarampas hak batur, nepika paeh bakat seubeuh teuing. Tingali (QS. Al-Baqarah 26).
6. Ulah jiga Himar (Keledai), boodo katotoloyoh, buku dibabawa bari teu nyaho hartina, Quran jeung Hadits digugulung tapi tara di aji, amanah ditarima tapi khiyanat.(QS: Al Jumu’ah 5).
Mugi urang sadaya di raksa ku Alloh Subhanahu wa