Urang Sunda Mawa Bagja

Urang Sunda Mawa Bagja Urang Sunda Mawa Bagja,

Insyaa allaahu ta'alaa

Aamiin yaa rabbal aalamiin

05/07/2022

LALAKON BUBARNA HIJI GRUP WA

Mimitina aya guneman kieu, sabada Sari asup jadi anggota.
😃 Abah Dèdi
Wilujeng gabung Sari, mugia teras bumetah.
😊 Sari
Hatur nuhun, Bah Dèdi. Nyuhunkeun apinganana wè, apan abdi mah anggota ènggal.
🤠 Abah Dèdi
Ih, kantenan. Husus kanggè salira mah, sanès waè apingan, nu sanèsna ogè mo burung dikorètkeun.
😉 Agus Mulyana
Wilujeng tepang Sari, sok sanaos tepangna ukur dina grup. Mugia wè dina hiji mangsa mah, urang tiasa paamprok jonghok.
Dimana linggih tèh?
😊 Sari
Nuhun, Kang Agus. Ayeuna Sari linggih di Bogor, saprak pun bapa sareng pun biang ngantun, di rorompok tèh cuang-cieung, da mung abdi nyalira.
😘 Indra Budiman
Ih, geuning mani luasan cuang-cieung nyalira? Kumaha upami ku akang disarengan?
😊 Sari
Bingah pisan, Ang Indra. Iraha-iraha diantos di Bogor atuh.
😎 Cècèp
Asiiiik ....
Ulah Kang Indra waè nu diangkir tèh, da abdi gè sami hoyong silaturahmi ka bumi salira.
😊 Sari
Mangga tèh teuing, Kang Cècèp. Sasaha ogè nu seja silaturahmi mah ku Sari diantos di Bogor.
😋 Abah Dèdi
Abah gè hoyong silaturahmi ka Bogor ah, sakantenan badè balanja tas di Tajur. Sari seneng tas?
😊 Sari
Ah, ulah ngarèpotkeun Abah.
🤓 Abah Dèdi
Bilih nyasar upami Abah ka Bogor, nya saha jenengan lengkep salira tèh?
😊 Sari
SARIFUDIN, Abah.
Abah Dèdi kaluar ti grup.
Agus Mulyana kaluar ti grup.
Indra Budiman kaluar ti grup.
Cècèp kaluar ti grup.
Kabèh admin kaluar ti grup, tinggal Solèh sorangan, kadua Sari.
😊 Sari
Naha Kang Solèh teu ngiring kaluar?
☺ Solèh
Akang mah badè husnudzon wè, manawi sosobatan urang, sok sanaos dina dunya maya tiasa langgeng sareng aya hikmahna.
😊 Sari
Alhamdulillah. Saleresna tadi teu acan tamat ngawakcakeun wasta tèh, da saleresna mah abdi tèh wanoja, wasta lengkepna Siti Badriyah Sarifudin. Ari Sarifudin mah jenengan pun bapa. Ayeuna abdi di Bogor tèh nyorangan, da sadikantunna ku pun bapa sareng pun biang, pun lanceuk gè teras ngiles duka ka mana. Tos sapuluh taun carogè abdi ngilesna tèh. Mudah-mudahan wè Kang Solèh tiasa janten gegentos carogè, muhun janten imam Sari.
☺ Solèh
Alhamdulillah ...
😊 Sari
Upami jenengan lengkep Kang Solèh tèh saha?
☺ Solèh
SITI SOLÈHA!
Sari kaluar ti grup. Tinggal Solèh, cuang-cieung nyorangan.
😂😂😂 🙈 🙈 😝😜

07/06/2022

Twibbon urang sunda bagja

twb.nz/puisisunda88

07/06/2022

twb.nz/puisisunda88

Semangat Bergelora. Bantu subscribe sahabat semua channel youtube kami CengharTV Tanpa Spasi
31/05/2022

Semangat Bergelora.
Bantu subscribe sahabat semua channel youtube kami CengharTV Tanpa Spasi

Salam Sukses Berjamaah Dukung juga Channel Kami *RajadesaOnline* ya kawan kawan semua.Semoga kesehatan dan keberkahan menyertai kita semua Aamiin CengharTV T...

21/05/2022
URANG SUNDA BAGJA
21/05/2022

URANG SUNDA BAGJA

15/05/2022

Kadè poho sarapan heula

15/05/2022

Geus ngaropi acan lur ?

10/06/2017

Sakedeng deui rek lebaran pamajikan
jeung budak hayang sagala anu anyar wae. Baju, sapatu, sandal, calana, jeng rea2 deui kabeh kudu anyar 👪 majar teh sataun sakali cenah...😒
mun teu diturutkeun maranyun 😔😔😫 , ari giliran uing... teu pira ge hayang pamajikan anyar bari teu unggal taun ;) najiiis teuing mani sagala ditajong bari popolotot...😱😱😱 Komo mun menta sataun sakali...:/ Yaa Allah...... 😣

01/06/2017

# Kejemna Ibu Kota #
Pasuliwerna kandaraan nu lalar liwat, teu matak ngaganggu manéhna nu keur jongjon nyusuan anakna. Di kolong jambatan, hareupeun parapatan. anakna ngahénén bari nénén. Reup, saré. Sanggeus yakin anakna tibra, manéhna cengkat.
Lampu jalan nu ngempur nyaangan léngkahna. Mapay-mapay trotoar. Sumpang-simpang. Ka saban wadah runtah nu kasampeurna. Néangan sésa-sésa kadaharan. Goréhél. Pingping hayam meunang ngagoréng. Kabeuki anakna. 'Na bungkus KFC, urut pangégélan batur.
Sabot ditinggalkeun, anakna lilir. Culang-cileung. Laju ngorondang néangan indungna. Laun-laun muru biwir jalan. Ti katuhu, nu nyemprung gurung gusuh. Muru lampu konéng nu sakeudeung deui beureum. Jebréd! Krejet. Nu keur ngorondang ngababatang. Nu burung tuluy mangprung.
Manéhna olohok. Pias. Pingping hayam di lésotkeun. Buru-buru muru anakna nu nambru. Digeuyah-geuyah. Cimata nyurulung teu kabendung. Jalma-jalma teu miroséa. Haré-haré. Jararongjon kawas nu taya nanaon. Kuring nu kabeneran ngaliwat, teu téga. Kaos nu keur dipaké dilaan. Dibulenkeun kana layon anakna, laju dikubur sakumaha ilaharna. Kusiwel hulu peda. Indungna digeroan. "Pus... Pus... Pus..."

09/05/2017

Urang Sunda Mawa Bagja insyaa allooh Aamiin

Address

Ciamis Mawa Bagja
Ciamis

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Urang Sunda Mawa Bagja posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share